Lompat ke isi

Antraks

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Baktéri Antraks.

Antraks nyaéta salah sahiji panyakit langka kalawan disababkeun ku baktéri nu ngabentuk spora Bacillus anthracis. Umumna ieu panyakit téh nyorang sasatoan boh anu dikukut atawa anu abur di habitat aslina. Antraks bisa tépa ka manusa ngaliwatan kontak jeung sato anu kakeunaan ku baktéri Bacillus anthracis. Prosésna bisa tépa ngaliwatan tatu dina kulit, ngadahar daging anu geus kakontaminasi baktéri antraks, jeung nyingreup spora antraks. Biasana inféksi ieu panyakit bisa cageur ngan ku obat-obatan anu ngandung antibiotik.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Panyakit antraks geus dijéntrékeun bangsa Yunani jeung Roma kira-kira 700 tahun saacan Maséhi. Tapi, kakara dina taun 1800-an panalungtik bisa manggihan baktéri anu nyababkeun panyakit antraks. Di Indonesia antraks mimiti sumebar taun 1884 di Teluk Betung. Ti harita ieu panyakit loba kapanggihna kasusna di masarakat.[2]

Dina taun 1885, antraks dilaporkeun nyerang daerah Buleleng (Bali), Rawas (Palembang) jeung Lampung. Sataun sanggeus kitu, daérah Banten, Padang, Kalimantan Barat jeung Kalimantan Timur. Ieu panyakit bias keuna kana sapi, munding, embé, domba, jeung bagong anu kajadian periodeu 1906- 1957 di sababaraha daérah Indonésia saperti Jambi, Palembang, Padang, Bengkulu, Buktitinggi, Sibolga, Medan, Jakarta, Purwakarta, Bogor, Priangan, Banten, Cirebon, Tegal, Pekalongan, Surakarta, Banyumas, Madiun, Bojonegoro, Sumbawa, Sumba, Lombok, Flores, Bali, SulawesiSelatan, Menado, Donggala jeung Palu.[3]

Dina taun 1975, wabah antraks aya di genep daérah, nyaéta Jambi, Jawa Barat, Nusa Tenggara, Sulawesi Selatan jeung Sulawesi Tenggara. Jumlah munculna panyakit unggal 100.000 populasi sato unggal ancaman di provinsi nuduhkeun angka pangluhurna di Jambi (530 unggal 100.000) jeung panghandapna di Jawa Barat (0,1 unggal 100.000).[3]

Faktor nu mangaruhan

[édit | édit sumber]
  • Neutrofil pada baktéri antraks.
    Teu kahaja nyingreup spora.
  • Ngadahar bahan anu kakontaminasi spora anthraks.
  • Kontak langsung jeung bahan anu ngandung spora, tuluy spora asup kana tatu kulit kalawan nyababkeun inféksi anu parna.
  • Nyuntikkeun obat anu dilarang anu istilahna disebut injektion anthrax.[1]

Wanda jeung gejala

[édit | édit sumber]

Antraks kulit

[édit | édit sumber]

Inféksi antraks bisa asup ngaliwatan tatu dina kulit kalawan gejala kieu.

  • Béntol leutik jeung gateul anu pohara méh sarimbag kawas digégél kararanggé. Béntolna lila-lila robah jadi jadi tatu anu puseurna warna hideung tapi teu karasa nyeri.
  • Bareuh dina tatu utamana deukeut kana kelenjar getah bening.
  • Kadang aya gejala anu sarua jiga flu, kaasup muriang jeung puyeng.[1]

Antraks gastrointestinal

[édit | édit sumber]

Ieu wanda antraks disababkeun ku ngadahar daging anu kakontaminasi jeung kurang asak diolahna. Ieu inféksi nyaluran saluran pencernaan, ngaliwatan tikoro nepi ka usus anu panggedéna. Gejalana siga kieu.

  • Sebel.
  • Untah.
  • Nyeri beuteung bagian luhur.
  • Nyeri sirah.
  • Kurang ngeunah barangdahar.
  • Diaré parna.
  • Nyeri tikoro jeung nyeri ngeleg.
  • Beuheung bareuh.[1]

Antraks anu kasingreup atawa inhalasi

[édit | édit sumber]

Spora antraks anu kasingreup bisa ngabahayakeun pisan. Gejalana siga kieu.

  • Gejalana sarua jeung flu salila sababaraha jam atawa sababaraha poé. Nu karasana nyaéta muriang, kacapéan jeung nyeri otot.
  • Nyeri dada.
  • Eungap.
  • Sebel.
  • Batuk getih.
  • Nyeri ngeleg.
  • Muriang.
  • Napasna pondok.
  • Reuwas.
  • Méningitis.[1]

Antraks suntik

[édit | édit sumber]

Wanda inféksi balukar tina suntikan jarum illegal kalawan gejala siga kieu.

  • Bareuh.
  • Area anu disuntik gateul nepi ka beureum.
  • Reuwas.
  • Sababaraha organ teu fungsi.
  • Méningitis.[1]

Obat panyakit antraks biasa ngagunakeun antibiotik anu dikombinasikeun jeung ciprofloxacin, doxycycline, jeung levofloxacin. Lian ti éta, keur ngobatan ieu panyakit bisa ogé ngaliwatan terapi. Hasil henteuna ngobatan ieu panyakit ditangtukeun ku umur, faktor diagnosa kaséhatan secara umum, jeung legana awak anu kainféksi. Husus keur antraks nyingreup atawa inhalasi, prosés ngubaran téh sok rada hésé. Ku kituna, baktéri anu asup kana awak téh bakal gancang nyaliara jeung nyebarkeun racun kana sakuliah awak anu teu bisa cageur ku obat-obatan. Résiko tilar dunya lamun kakeunaan panyakit antraks kulit téh 20% lamun teu diubaran. Lamun panyakit Antraks Gastrointestinal, résiko tilar dunya téh aya dina angka 25% nepi ka 60%. Anu leuwih bahayana lamun kakeunaan panyakit antraks anu kasingreup résiko tilar dunyana aya dina angka 75%.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f Lucia, Priandarini. "Antraks | Tanda dan Gejala, Penyebab, Cara Mengobati, Cara Mencegah". SehatQ (dalam Indonesian). 24-02-2021. Diakses tanggal 2021-04-20.  Archived 2021-04-20 di Wayback Machine
  2. Anwar, Firdaus. "Sejarah Antraks dan Asal-usul Nama Penyakit Sapi Gila". detikHealth (dalam Indonesian). 20-01-2020. Diakses tanggal 2021-04-20. 
  3. a b Hasan, Akhmad Muawal. "Jejak Antraks dalam Lintasan Sejarah". tirto.id (dalam Indonesian). 26-01-2017. Diakses tanggal 2021-04-20. 
  4. Abdi, Husni. "Kenali Penyakit Antraks, Gejala dan Penyebabnya agar Tidak Berujung Fatal". liputan6.com (dalam Indonesian). 20 Maret 2019. Diakses tanggal 2021-04-20.