Lompat ke isi

Amoxicillin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kategori:Antibiotik


Amoxicillin (International Nonproprietary Name,INN) atawa amoxycillin (British Approved Name, BAN) nyaéta antibiotik spektrum sedeng nu digunakeun pikeun ngaleungitkeun inpéksi baktéri nu disababkeun ku mikroorganisme lemah. Biasana dijadikeun obat pilihan di antara obat-obat anu sakelas, ku sabab boga kaleuwihan nyaéta leuwih hadé jang nyerepna, lamun numutkeun kana administrasi oral. Tinimbang antibiotik-antibiotik beta-lactam séjénna. Amoxicillin gampang ruksak jeung turun kaampuhannana lamun manggihan baktéri anu ngahasilkeun β-lactamase, antukna bisa ditambahan asam clavulanic pikeun ngurangan ieu kalemahannana. Ayeuna dipasarkeun ku GlaxoSmithKline kalayan mérek Amoxil.

Hasiat/Mode aksi

[édit | édit sumber]

Amoksisilin digawé kujalan ngahalangan sintésis pipinding sél baktéri. Obat ieu ngahalangan beungkeut silang antara rantai polimer peptidoglikan linier anu ngabentuk komponén utama pinding sél baktéri Gram-positif.

Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Main article: beta-lactam antibiotic