Lompat ke isi

Iwan Fals

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Iwan Fals

Virgiawan Listanto atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Iwan Fals nyaéta salah sahiji musisi legenda Indonésia dina aliran balada jeung country.[1][2] Lahir ti hiji wanoja nu wastana Lies di Demak dina tanggal 3 September 1961.[1] Ti leuleutik Iwan Fals dumuk di Bandung.[2] Kungsi sakola di KBRI Jeddah Arab Saudi salila 8 bulan.[2] Ti keur leutik kénéh, Iwan Fals geus resep kana musik nepi ka bisa maén gitar sorangan.[1] Dina umurna nu ka-13 Iwan kungsi jadi tukang ngamén pikeun nambahan pangaweruhna dina widang musik jeung lagu.[1] Nalika di SMP, Iwan jadi gitaris di paduan suara sakolana.[2]

Rékaman album munggaranana bareng jeung babaturanana Toto Gunarto, Helmi, Bambang Bule nu ngagabung dina Amburadul.[2] Tapi éta album gagal di pasaran.[2] Tuluy Iwan balik deui jadi tukang ngamén.[2]
Sanggeus jadi pinunjul di festival musik country, Iwan ilubiung dina lagu humor bareng jeung Pepeng, Krisna, Nana Krip tur diproduksi ku ABC Records.[2] Tapi éta ogé milu gagal.[2] Tungtungna mah Iwan gawé bareng jeung Musica Studio.[2] Album munggaran ti Musica Studio nu medal nyaéta Sarjana Muda.[2]
Ngaliwatan lagu-laguna Iwan ngagambarkeun suasana sosial masarakat Indonésia ti mimiti taun 1970-an.[1] Lagu-lagu Iwan Fals kacida lobana, tapi aya lagu nu dianggap paling fénoménal nyaéta Bénto jeung Bongkar.[1] Mangsa harita, dua lagu ieu kacida dipikaresep ku masarakat alatan lirik laguna mangrupa euteung kahirupan alam harita, nu mangrupa sindiran ka pihak pajabat téras jeung pamaréntah.[1]

Aya ogé lagu kritik kana laku lampah sakelompok jalma (saperti Wakil Rakyat, Tante Lisa), empati keur kelompok marginal (misalna Siang Seberang, Istana, Lonteku) jeung sajabana.[2] Iwan Fals teu ngan saukur nyanyikeun lagu ciptaana sorangan tapi ogé lagu beunang nu lianna.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Iwan Fals Archived 2011-11-06 di Wayback Machine (Diakses tanggal 7 Nopember 2011) (id)
  2. a b c d e f g h i j k l m Profil Iwan Fals[tumbu nonaktif] (Diakses tanggal 7 Nopember 2011) (id)