1. Basa Luksemburg mangrupa basa de jure ti 1984. 2. Mata uang saméméh 1999 nyaéta Franc Luksemburg.
Luksemburg, atawa resmina Kadipatén Ageung Luksemburg (Basa Prancis: Grand-Duché de Luxembourg, Basa Jérman: Großherzogtum Luxemburg, basa Luksemburg: Groussherzogtum Lëtzebuerg) mangrupa hiji nagara nu teu boga wates laut nu aya di Éropa bagian kulon-kalér, tepung wates jeung Perancis (73 km), Jérman (138 km), jeung Bélgia (148 km).
Luxemburg mangrupa salah sahiji nagara pangleutikna di Éropa. Nagara ieu aya dina tingkat ka-167 dina daptar nagara dumasar kana legana. Nagara ieu legana kira-kira 2.586 km². Di kalér, bagian-bagian ti Ardennes, raloba pasir jeung gunung kalawan luhurna nu handap. Buurgplaatz mangrupa titik pangluhurna dina 559 m.
Wates wétan Luksemburg diwangun ku tilu walungan, Moselle, Sauer/Sûre, jeung Our.