Lompat ke isi

Kloaka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Gambar anatomis tina kloaka dina spésiés marsupial asli Australia

Dina anatomi zoologi, kloaka téh hartina hiji-hijina lawang pikeun kaluarna kokotor tina saluran cerna, saluran kiih, jeung organ séks dina sababaraha spésiés sato. Kecap ieu asalna tina basa Latin nu hartina "muara". Sakabéh manuk, réptil, jeung ampibi miboga kloaka, antukna biasana mah mun modol téh sakaligus jeung kiih. Nu boga kloaka ogé téh nyaéta Monotrema. Sabalikna, spésiés ti mamalia plaséntal jeung lauk tulangan mah lawangna téh teu ngahiji.

Dina manuk, sistim baranahanana kudu dimekarkeun deui saméméh mangsa usum jalangan masing-masing spésiés.